Kamis, 05 April 2012

Sono Ia pikeun Abah


Di satungtung deuleu,
raray abah masih keneh nyanghareupan kuring..

Aya warah nu mikadeuduh kana ati,
aya warah pikeun kuring ngajaga diri,
aya warah sing kudu ati ati,
aya warah sing terus ngadeketken ka ILLahi,
jeng warah sing bener neangan pangarti,

abah kuring sono hayang panggih,
kuring sono ku sagala wawarah abah,
ku sagala carita nu kaalaman ku abah harita keur jagjag,sono nyieun teh manis pikeun abah,sono mencetan sampeyan abah

aya firasat nu jadi nyata..
aya hanjakal nu kagila-gila.

firasat nu gan dirarasa
ngabuktikeun hiji pamikiran..

hiji poe dua kajadian na hirup kuring
kuring nambah umur
abah ninggalkeun kuring
ninggalkeun kaluarga nu di imah..
ninggalkeun sagala kajidian alus nu pernah ditulis ku abah

Abah..
Abah..
Rasa na hate kuring mola lengit..
rasa mikacinta kuring terus aya nurungtuy dina Do'a ka Gusti Alloh

ayeuna kuring ngan bisa ngadu'akeun
abah aya dina karidoan gusti Alloh
abah aya ditempat nu milia di sisi Allloh aamiin

Tidak ada komentar:

Posting Komentar